Terbaru! Contoh Teks Kultum Bahasa Sunda Hari ke-11 Ramadhan

Admin 0 Komentar

Memasuki bulan puasa ada aktivitas ibadah yang bisa kamu lakukan, yakni mendengarkan ceramah atau kultum Ramadhan Bahasa Sunda hari ke-11.

INDIFFS.COM – Memasuki bulan Ramadhan banyak aktivitas ibadah yang bisa kamu lakukan. Salah satunya yakni mendengarkan ceramah atau kultum Ramadhan Bahasa Sunda hari ke-11, bertema ‘Puasa Ramadhan’. Saat bulan Ramadhan, tema yang diangkat biasanya seputar ibadah di bulan suci.

Kultum Ramadhan merupakan ceramah singkat yang bisa sampaikan oleh seorang pemimpin agama, imam, atau Ustaz selama bulan Ramadhan baik itu sebelum shalat tarawih maupun setelah shalat subuh.

Kultum Bahasa Sunda Hari ke-11 Ramadhan

Melansir dari AyoTasik.com, berikut teks kultum Ramadhan (Kultum Subuh dan Kultum Tarawih) bahasa Sunda bertema ‘Puasa Ramadhan’:

السَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُهُ
ﺇِﻥَّ ﺍﻟْﺤَﻤْﺪَ ﻟِﻠﻪِ ﻧَﺤْﻤَﺪُﻩُ ﻭَﻧَﺴْﺘَﻌِﻴْﻨُﻪُ ﻭَﻧَﺴْﺘَﻐْﻔِﺮُﻩْ ﻭَﻧَﻌُﻮﺫُ ﺑِﺎﻟﻠﻪِ ﻣِﻦْ ﺷُﺮُﻭْﺭِ ﺃَﻧْﻔُﺴِﻨَﺎ ﻭَﻣِﻦْ ﺳَﻴِّﺌَﺎﺕِ ﺃَﻋْﻤَﺎﻟِﻨَﺎ، ﻣَﻦْ ﻳَﻬْﺪِﻩِ ﺍﻟﻠﻪُ ﻓَﻼَ ﻣُﻀِﻞَّ ﻟَﻪُ ﻭَﻣَﻦْ ﻳُﻀْﻠِﻞْ ﻓَﻼَ ﻫَﺎﺩِﻱَ ﻟَﻪُ. ﺃَﺷْﻬَﺪُ ﺃَﻥَّ ﻻَ ﺇِﻟَﻪَ ﺇِﻻَّ ﺍﻟﻠﻪ ﻭَﺃَﺷْﻬَﺪُ ﺃَﻥَّ ﻣُﺤَﻤَّﺪًﺍ ﻋَﺒْﺪُﻩُ ﻭَﺭَﺳُﻮْﻟُﻪُ

Hadirin anu dipikahormat anu insya Alloh ku Alloh di mulyakeun.

Puji miwah syukur urang sanggakeun ka Alloh swt anu alhamdulilah kalayan takdir timantena urang sadaya tiasa riung mungpulung patepung lawung patepang wajah dina tempat anu ieu barokah.

Anu mudah mudahan ieu riungan teh sing ngajantenkeun hiji wasilah ngengengkeun safaatul udma dina poe kiamah amin ya Alloh ya robal alamin.

Oge rohmat miwah salam mugia salalamina dicurah tur dilimpah kapaduka rosul wastana kangjeng Nabi Muhammad SAW.

Teu hilap ka para keluargana sahabatna, tabiina, oge mudah mudahan eta rohmat teh dugi ka urang sadayana amiin ya alloh ya robal alamin.

Hadirin anu dipikahormat dina dinten ayeuna urang ngabahas ngeunaan Hakekat Puasa , puasa nyaeta nahan diri tina sagala rupa hawa nafsu meh jadi prisai atawa pelindung manehna tina seuneu naraka ke di akherat.

Sagala rupa dosa pamaksiatan awalna tina hawa nafsu, akibat urang nurut teuing jeung teu bisa nahan kana godaan godaan. Nu matak bentengi diri ku cara puasa. Sakumaha saur pidauh Rosul:

الصِّيَامُ جُنَّةٌ ، فَلاَ يَرْفُثْ وَلاَ يَجْهَلْ ، وَإِن امْرُؤٌ قَاتَلَهُ أَوْ شَاتَمَهُ فَلْيَقُلْ إِنِّى صَائِمٌ

Puasa nyaeta benteng, numatak sing saha anu keur puasa tong ngomong anu goreng, ngacaci ,jeung ngahina, lamun aya anu ngaganggu, ngajak pasea atawa ngahina bejakeun kaula keur puasa, (H.R. Bukhari).

Jadi puasa teh lain ngan saalakadar nahan haus jeung lapar, tapi nahan sagala rupa hawa nafsu anu matak ngaruksak kana puasa seperti ngomong anu goreng ngaghina gelut jeung sajabana.

Tah urang teh kudu bisa nahan diri, tapi teu sakedik jelema teu apal hakekatna puasa nu matak loba anu puasa tapi masih silih hina ngomongkeun batur pasea ngan nahan lapar jeng haus hungkul.

Padahal lain kitu, komo loba jelema teu puasa pamasiatan masih loba da puasa teh benteng nahan kana diri. Sing inget puasa romadon teh wajib sabab diparentahkeun ku alloh dina Al-Quran:

يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا كُتِبَ عَلَيْكُمُ الصِّيَامُ كَمَا كُتِبَ عَلَى الَّذِينَ مِنْ قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُونَ

Anu hartosna: “Hei jalma anu ariman, diwajibkeun ka aranjeun puasa seperti anu geus di wajibkeun ka jalma saacan maneh meh maraneh takwa.” (QS Al Baqarah 183).

Tah puasa ge sebagai penghapus dosa. Saur pidauh Rosul:

مَنْ صَامَ رَمَضَانَ إِيمَانًا وَاحْتِسَابًا غُفِرَ لَهُ مَا تَقَدَّمَ مِنْ ذَنْبِهِ

“Sing saha anu puasa romadon karna iman jeung ngaharepkeun pahala, maka bakal dihampura sagala dosana anu baheula”. (HR Bukhari).

Tah numatak hayu urang puasa anu bener lain ngan saala kadar nahan haus jeung lapar tapi nahan sagala rupa godaaan hawa nafsu dosa jeng pamaksiatan. Meh urang jadi jalma anu takwa. Meh urang bisa ngendalikeun diri. Jauh tina sagalarupa dosa.

Mudah mudahan urang sadaya dibulan romadon tiasa menangkeun berkahna serta tambah khusyu kana ibadah. amin ya alloh ya robbal alamin…

Hadirin anu dipikahormat moal seueur anu di carios kirang langkungna nyuhunkeun di hapunten. Urang tutup ieu kajian ku doa kafaratul majelis

سُبْحَانَكَ اللَّهُمَّ وَبِحَمْدِكَ، أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَـٰهَ إِلاَّ أَنْتَ، أَسْتَغْفِرُكَ، وَأَتُوْبُ إِلَيْكَ
وَالسَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُهُ

Demikian contoh teks kultum bahasa sunda hari ke-11 Ramadhan yang bisa kamu jadikan referensi, semoga bermanfaat!

Tanggapan

Belum ada

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Konten Terkait

[quads id=1]

Konten Terbaru